focus in
# 868038
USD 25.00 (Book Not in Ready Stock, will take 45-60 days to source and dispatch)
- +

Bungur jalan ka Cianjur: disanggi lagu ku Mang Koko

Author :  Wahyu Wibisana

Product Details

Country
Indonesia
Publisher
Pustaka Jaya, Bandung, Indonesia
ISBN 9786232219052
Format PaperBack
Language Sundanese
Year of Publication 2024
Bib. Info 100p., 21cm.,
Categories Literature
Product Weight 150 gms.
Shipping Charges(USD)

Product Description

Rumpaka-rumpaka nu ditulis ku Wahyu Wibisana nu saterusna disanggi jadi lagu ku Mang Koko, mibanda ajen anu henteu handap-handap. Imaji nu diwadahan ku diksi jeung racikan kalimahna estu merean pisan geusan disanggi sina jadi lagu. Tayohna, eta racikan rumpaka nu sakitu mereanana teh dumeh ditulis sastrawan anu oge engeuh kana bagbagan karagunan (lagu jeung musik Sunda). Da jeung enyana, boh rumpaka sajakna anu engkena disanggi jadi kawih kacapian atawa guguritanana nu engkena dilarapkeun kana tembang cianjuran, estuning merenah bari mibanda karakter nu mandiri. Teuneung jeung maskulin. Lebah wirahmana, rumpaka karya Wahyu ge geus milu ngalagu. Ngagalindeng. Tur ‘haralimpu’. -Dian Hendrayana, sastrawan Sunda, Dosen Program Studi Pendidikan Basa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia. Aya nu nganggap tulisan Kang Wahyu Wibisana teh ngadongengkeun jagat leutik (anu mangrupa imah), saenyana jagat leutik teh ngan saukur panginditan anjeunna pikeun medar meh ampir kabeh aspek kahirupan (jagat badag). Jagat leutik geus di¬jadikeun tempat jeung sarana pikeun kontemplasi jeung ngum¬bar pamadegan ngeunaan kaayaan anu disanghareupan. -Ganjar Kurnia, Ketua Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDPBS) Universitas Padjadjaran.

Product added to Cart
Copied